Minggu, 20 Agustus 2017

Assalamualaikum WrWb.

Kangge sabagian masyarakat, simeut teh sok dianggap hama peupeulakan sareung teu aya manfaatna pisan. Tapi pikeun di daerah kuring mah di Kp. Cilandak, Rt. 03/01, Ds. Cirangkong, Kec. Cibatu, Kab. Purwakarta, sato ieu sok dimanfaatkeun pikeun deungeun sangu anu kacida nikmatna. Di asakana ku cara di goreng.

Nanging ngala simeut zaman kiwari mah hnteu gampil pami teu teurang tempat namah. Kumargi tos seueur obat semprot ayna mah. Jantn simeut teh hampir punah. Nanging nu seneng simeut teu kenging putus asa, margi tiasa ngengingkeun simeut ku cara meser ka abdi. In syaa Allah unggal dintn aya wae di abdi mah.

Di dideu abdi ngical simeut:
  • Atahna anu acan dibumbuan. Bilih bade ngambumbuan nyalira,
  • Atahna nu tos dibumbuan. Bilih hoyong kantun ngagoreng,
  • Asakna nu tos di goreng kantun nuang. Tapi pami asak namah kdah pesen heula teu tiasa ngadadak. Margi abdi oge ngagorengna ngadadak.

Mugia ku ayana blog Simeut Cirangkong, nu sareneng goreng simeut khususna sabudeureun Purwakarta, tiasa nuang goreng simeut deui kucara anu gampil.


Wassalam WrWb.

Yahya Kayud
(Tukang simeut Cirangkong)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar